Wafatna Mbah Gunung teh, gelut/galungan jeung Badak tuluy Badak eta teh
eleh. Badak keur sakarat cicing dina satunjangeun Mbah Gunung ditungkulan.
Badak
anu keur ngaleupaskeun nyawa ngejet sakaligus ngejetna tarik bari nagok
patunjang-tunjang. Sahingga Mbah Gunung katijeuk bobogaannana. Jadi akhirna
Mbah Gunung maot patunjang-tunjang jeung Badak terus dikuburkeun di hiji tempat
nyerendeng jeung Badak.
Didinya aya tempat pangguyangan Badak neupi ka ayeuna eta tempat
pangguyangan teu jadi jukut. Di daerah Mbah Gunung najan halodo lila ge cai na
tara saat.
Saterusna wewesan (kawani) Setia Tirta Wiguna jadi ciri tabeat urang
Cimari anu katelah Cimarongmong (Cimari gede omong) ieu aya susukan anu ngalir
ti wewengkon Desa Darmacaang terus ka Cimari anu eta susukan teh jarang saat
najan halodo panjang. Nu matak urang Cimari lamun manggih jeung kasulitan /
bentrok jeung urang lian Cimari tara mundur,gede wawanen najan ngan saukur
sorangan aya dimana wae gede kawani dumasar kana bebeneran.
