Iqbal-Amaterasu

Sabtu, 12 Januari 2013

Asal-Usul (Sasakala) Desa Cimari

   


   Sajarahna Desa Cimari, aya jalmi anu disebut Mbah Gunung ngaran aslina mah Mbah Setia Tirta Wiguna. Hartosna cai anu loba mangpaat pikeun kahirupan. 
  Wafatna Mbah Gunung teh, gelut/galungan jeung Badak tuluy Badak eta teh eleh. Badak keur sakarat cicing dina satunjangeun Mbah Gunung ditungkulan.
   Badak anu keur ngaleupaskeun nyawa ngejet sakaligus ngejetna tarik bari nagok patunjang-tunjang. Sahingga Mbah Gunung katijeuk bobogaannana. Jadi akhirna Mbah Gunung maot patunjang-tunjang jeung Badak terus dikuburkeun di hiji tempat nyerendeng jeung Badak.
   Didinya aya tempat pangguyangan Badak neupi ka ayeuna eta tempat pangguyangan teu jadi jukut. Di daerah Mbah Gunung najan halodo lila ge cai na tara saat.
   Saterusna wewesan (kawani) Setia Tirta Wiguna jadi ciri tabeat urang Cimari anu katelah Cimarongmong (Cimari gede omong) ieu aya susukan anu ngalir ti wewengkon Desa Darmacaang terus ka Cimari anu eta susukan teh jarang saat najan halodo panjang. Nu matak urang Cimari lamun manggih jeung kasulitan / bentrok jeung urang lian Cimari tara mundur,gede wawanen najan ngan saukur sorangan aya dimana wae gede kawani dumasar kana bebeneran.


Tidak ada komentar: